BABAD
Babad nyaéta carita nu patali jeung hiji patempatan atawa ilaharna mah karajaan nu dipercaya minangka sajarah. Patali jeung pangaruh Jawa, karéréaan babad ditulis dina wangun wawacan, upamana Babad Godog, Babad Panjalu, Babad Cirebon, Babad Banten, Babad Sumedang, jsb. Ditilik tina jihat sajarah, babad téh lain bukti nu bisa dijieun sumber sajarah,
tapi sahenteuna bisa dipaké pikeun bahan babandingan dina ngulik
sajarah. Biasana dianalisis heula kalawan kritis, nepi ka meunang hiji
kacindekan. Ieu hal téh dilantarankeun eusi babad salian ti nyaritakeun
hal-hal nu patali jeung sajarah, ogé réa pisan nyaritakeun hal-hal nu
pamohalan, sipatna fiktif, saperti jalma bisa ngapung, jalma sakti,
jsté, anu nyampak dina karya-karya sastra.
SEMOGGA BERMANFAAT
SEMOGGA BERMANFAAT
Komentar
Posting Komentar